Bahasa Sunda. Naon Kalimahna Patugas
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu diperhatikeun dina nyieun kalimah basa Sunda nyaeta ragam basa nu digunakeun kudu merenah. Samemeh nyaritakeun ragam basa, urang tilik heula kecap patugas. Kecap patugas teh mangrupa kecap serepan nu asalna tina kecap petugas. Dina basa Sunda aya sawatara kecap serepan anu saperti patugas, nyaeta saperti keamanan jadi kaamanan, pemuda jadi pamuda, pemimpin jadi pamingpin, sepeda jadi sapedah, jeung sajabana ti eta.
Pembahasan
Dina Tatakrama Basa Sunda, nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Kecap patugas bisa dilarapkeun boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes. Di handap ieu nyaeta conto kalimah nu ngagunakeun kecap patugas dina ragam basa loma jeung ragam basa hormat / lemes:
- Upama aya kajadian nu pibahayaeun urang kudu gancang ngabejaan patugas kaamanan nu aya di lingkungan urang (ragam basa loma)
- Upami aya kajantenan nu pibahayaeun urang kedah enggal ngawartosan patugas kaamanan nu aya di lingkungan urang (ragam basa hormat / lemes)
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : Nyieun kalimah basa Sunda