Naon sababna ibadah ulah campoleh?jentrekeun
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Campoleh hartina nyaeta gagabah, henteu bener-bener atawa balangah. Sababna ibadah ulah campoleh teh nyaeta bisi kaburu paeh. Eta jawaban teh aya dina pupujian anu judulna Eling-Eling Dulur Kabeh. Jadi, ibadah teh ulah gagabah atawa henteu bener-bener atawa balangah sabab bisi kaburu paeh.
Pembahasan
Pupujian teh nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Pupujian kaasup kana salahsahiji rupa puisi Sunda. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita.
Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti pupujian, sajak, guguritan, sisindiran jeung mantra. Eusi pupujian nyaeta naggungkeun atawa muji ka Allah SWT, sholawat ka Nabi Muhammad SAW jeung pepeling pikeun sakabeh jalma.
Jadi, sanajan pupujian teh eusina ngeunaan agama nyaeta ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT, pupujian kaasup kana karya sastra dina wangun puisi. Pupujian biasa dibacakeun saperti saacan sholat, ngaji atawa diajar agama di mesjid, mushola, madrasah atawa di imah-imah penduduk.
Di handap ieu nyaeta pada kahiji tina pupujian Eling-eling Dulur Kabeh anu miboga kekecapan "ibadah ulah campoleh" anu nyebutkeun yen ibadah teh ulah campoleh bisina kaburu paeh:
Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Pelajari lebih lanjut
1. Naon anu dimaksud pupujian teh https://brainly.co.id/tugas/12851857
2. Conto judul pupujian https://brainly.co.id/tugas/6236234
3. Bedana pupujian jeung sajak https://brainly.co.id/tugas/14375844
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Pupujian
Bab : 7
Kode : 7.13.7
Kata Kunci : Pupujian, eling-eling dulur kabeh, ibadah ulah campoleh