B. Daerah

Pertanyaan

Kok hartina
Net hartina
Reket hartina
Lepri hartina
Lesmen hartina
Serpen hartina
Lob hartina
Semes hartina
Bekhen hartina
Dropsot hartina

1 Jawaban

  • Badminton atawa bulu tangkis mangrupakeun salahsahiji widang olahraga anu dipikaresep ku urang Sunda, boh dikampung boh dikota. Ku lobana urang Sunda anu mikaresep kana badminton, nepika aya lagu atawa kawih anu judulna Badminton. Kawih badminton diciptakeun ku Mang Koko, dinyanyikeun jeung dipopulerkeun ku Benyamin S.

    Kusabab istilah-istilah anu aya dina badminton teh sumebarna sacara lisan, loba istilah-istilah badminton anu diucapkeun ku urang Sunda jadi sadenge-dengena, jadi matak pikaseurieun. Sanajan eta istilah teh pikaseurieun, tetep wae ku urang Sunda anu sok maen badminton mah kaharti.

    Di handap ieu dijentrekeun naon anu dimaksud ku istilah-itilah saperti kok, net reket, lepri, lesmen, serpen, lob, semes, bekhen jeung dropsot anu sok disebut-sebut ku urang Sunda dina permaenan badminton:

    1. Kok hartina nyaeta bal anu digunakeun pikeun maen badminton atawa bulu tangkis, asalna tina istilah "shuttle cock"
    2. Net hartina nyaeta jaring anu digunakeun pikeun maen badminton
    3. Reket hartina nyaeta alat pikeun nakol kok dina maen badminton, asalna tina kecap "racket"
    4. Lepri hartina nyaeta wasit, asalna tina kecap "referee"
    5. Lesmen hartina nyaeta hakim garis, asal kecapna tina "linesmen"
    6. Serpen hartina nyaeta serve atawa bagean mimiti nakol kok dina maen badminton
    7. Lob hartina nyaeta nakol kok anu ngapung ka luhur
    8. Semes hartina nyaeta nakol kok satarikna nepi ka nyirorod ka handap, asal kecapna tina "smash"
    9. Bekhen hartina nyaeta nakol kok ti beulah gigir
    10. Dropsot hartina nyaeta siga anu rek nakol kok satarikna saperti semes tapi padahal ngan saukur nakol kok lalaunan

Pertanyaan Lainnya