B. Daerah

Pertanyaan

Jeun iklan layanan masyarakat anu eusina
1.wawaran (2 kalimat)
2.ngajak (2 kalimat)
3.ngingetan (1 kalimat)
mapel b.sunda

1 Jawaban

  • Anu perlu dipikanyaho sangkan urang bisa sacara bener nyieun conto iklan layanan masyarakat basa Sunda nyaeta perlu mikawanoh naon nu disebut iklan layanan masyarakat, naon bedana jeung wawaran, sarta naon oge bedana jeung iklan dagang.  

    Iklan layanan masyarakat nyaeta tulisan nu biasa dipasang di tempat umum anu eusina biasana mangrupa kalimah pangajak. Iklan layanan masyarakat bisa dipasang ditempat umum di mana wae, nu penting strategis.  

    Sedengkaun wawaran nyaeta tulisan nu biasa dipasang di tempat umum anu eusina biasana mangrupa kalimah pangajak, kalimah panitah atawa kalimah panyaram. Wawaran dipasang di tempat nu aya hubunganana jeung eusi eta wawaran, saperti di mesjid, sakola, rumah sakit, bandara, jeng sajabana ti eta.  

    Pembahasan

    Di luhur disebutkeun yen iklan layanan masyarakat biasana eusina mangrupa kalimah pangajak. Tapi dina praktekna aya oge iklan layanan masayarakat anu eusina kalimah wawaran atawa kalimah panginget.  

    Sedengkeun bedana iklan layanan msyarakat jeung iklan dagang nyaeta ari iklan layanan masyarakat mah dijieun pikeun kauntungan masyarakat, sedengkeun iklan dagang mah dijieun pikeun kauntungan finansial perusahaan anu masangna.

     

    Di handap ieu nyaeta conto iklan layanan masyarakat basa Sunda nu eusina mangrupa wawaran, ngajak jeung ngingetan

    1. Wawaran, (1) Puskesmas ayeuna gratis pikeun warga, (2) KTP ayeuna mah berlaku keur saumur hidup
    2. Ngajak, (1) Hayu urang jaga kaberesihan lingkungan, (2) Hayu urang lawan Narkoba ku urang sarerea
    3. Ngingetan, (1) Kahade ulah poho imunisasi balita, (2) Peupeujeuh ulah nepi ka telap bayar pajak!

    Pelajari lebih lanjut

    • Contoh iklan layanan masyarakat dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/7167176
    • Contoh iklan dagang dan iklan sosial dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/4861253
    • Contoh pariwara menggunakan bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/1158756

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VII

    Mapel : Bahasa Sunda - Wawaran Jeung Iklan Layanan Masarakat

    Bab : 3

    Kode : 7.13.3

    Kata Kunci : Conto iklan layanan masyarakat basa Sunda

Pertanyaan Lainnya